Texty
Beurang maju ka lohor
Papatong nu konéng eunteupna régang
Ngageter, jangjangna keur ngagupayan
Pancén keur wasiatan
Soré ménggok ka asar
Papatong nu konéng hiber teu luhur
Ngalayang, ngawahan arék pamitan
Poma tong kajongjonan
Papatong nu konéng teu témbong deui
Leungit, indit teu pamit
Papatong nu konéng teu témbong deui
Tilem, béwara baturna
Prak reureuh tina kariweuh
Prak pasrah ka Nu Kawasa
Prak reureuh tina kariweuh
Prak pasrah ka Nu Kawasa
Soré ménggok ka asar
Papatong nu konéng hiber teu luhur
Ngalayang, ngawahan arék pamitan
Poma tong kajongjonan
Papatong nu konéng teu témbong deui
Leungit, indit teu pamit
Papatong nu konéng teu témbong deui
Tilem, béwara baturna
Prak reureuh tina kariweuh
Prak pasrah ka Nu Kawasa
Prak reureuh tina kariweuh
Prak pasrah ka Nu Kawasa
Written by: Bah Dadeng