Credits

PERFORMING ARTISTS
Doel Sumbang
Doel Sumbang
Performer
COMPOSITION & LYRICS
Doel Sumbang
Doel Sumbang
Composer

Lyrics

Éma, éta keur naon manéh, Éma?
Maké jeung gudag-gideug kitu sirah
Di kacamata hideung deui peuting-peuting
Teu gableg kapoék, manéh mah, ih
Uyuhan teu poék
Awas tukang pijet nih
Hm, sia, Éma, Éma
Éma, keur naon silaing, Éma?
Éta sirah gudag-gideug
Maké kacapanon hideung
Éma, geura balik silaing, Éma
Hayam jalu geus kongkorongok
Panon poé téréh bijil
Geus beurang, héh
Éma, na keur naon silaing triping, Éma?
Pan geus puguh gara-gara triping, Éma
Hirup silaing jadi pakusut
Mimiti harga diri
Nepi ka kahormatan
Di murah-maréh ngabélaan ékstasi
Mimiti harga diri
Nepi ka kahormatan
Ludes teu nyésa dituker ku ékstasi
Éma, sing nyaah ka diri sorangan, Éma
Éma, sing karunya ka indung-bapa
Sing nyaah ka indung-bapa téh, Éma
Ulah baragajul waé hirup téh
Da umur di dunya téh teu lila
Angguran geura balik ka dinya
Lain gudag-gideug wé
Kawas banténg nu arék nabrak
Éma, geura balik silaing, Éma
Hayam jalu geus kongkorongok
Panon poé téréh bijil
Éma, na keur naon silaing triping, Éma?
Pan geus puguh gara-gara triping, Éma
Hirup silaing jadi pakusut
Mimiti harga diri
Nepi ka kahormatan
Di murah-maréh ngabélaan ékstasi
Mimiti harga diri
Nepi ka kahormatan
Ludes teu nyésa dituker ku ékstasi
Éma, sing nyaah ka diri sorangan, Éma
Éma, sing karunya ka indung-bapa
Éma, keur naon silaing, Éma?
Éta sirah gudag-gideug
Maké kacapanon hideung
Éma, geura balik silaing, Éma
Hayam jalu geus kongkorongok
Panon poé téréh bijil
Éma, Éma, Éma
Na keur naon silaing triping, Éma?
Pan geus puguh gara-gara triping
Hirup silaing jadi pakusut
Mimiti harga diri
Nepi ka kahormatan
Di murah-maréh ngabélaan ékstasi
Written by: Doel Sumbang
instagramSharePathic_arrow_out

Loading...