Music Video

Lyrics

Teu wasa kedah ngantosan Kantenan mun lami Hasrat haté ngagedur Hoyong pataréma dina soca sanaos sakiceup Ieu haté teu puguh rasa Da bongan kapalang nyaah Mondok gé teu tibra Kantenan ngimpén simpé Sok hoyong ngébatkeun lamunan anjeun Nu sakitu antengna ngogo teuteupan Sok hoyong nyieuhkeun ieu kakangeun Tapi karasa asa leuwih kasiksa nalangsa Mun téa mah anjeun rék ngagoda Duh, geuning ku téga Ieu haté teu puguh rasa Da bongan kapalang nyaah Mondok gé teu tibra Kantenan ngimpén simpé Sok hoyong ngébatkeun lamunan anjeun Nya sakitu antengna ngogo teuteupan Sok hoyong nyieuhkeun ieu kakangeun Tapi karasa asa leuwih kasiksa nalangsa Mun téa mah anjeun rék ngagoda Duh, geuning ku téga Mun téa mah anjeun rék ngagoda Duh, geuning ku téga
Writer(s): Yayan Jatnika Lyrics powered by www.musixmatch.com
instagramSharePathic_arrow_out