制作
出演艺人
Doel Sumbang
表演者
作曲和作词
Doel Sumbang
作曲
歌词
Harita, basa usum halodo panjang
Calik paduduaan dina samak salambar
Tuh, saksina, bulan anu sapotong
Tuh, saksina, béntang nu baranang
Aya kasono, aya katresna
Aya kadeudeuh, aya kanyaah
Ngabagi rasa bungah jeung bagja duaan
Aya kasono, aya katresna
Aya kadeudeuh, aya kanyaah
Ngabagi rasa bungah jeung bagja duaan
Sisi laut Pangandaran
Tina ati pada-pada kedal jangji
Urang silih asuh, silih asih, silih jagi
Deug, ngadeugkeun harti asih saenyana
Deug, ngadeugkeun harti deudeuh saenyana
Ulah dugi ka rasa katresna
Kerep ngagedur ukur amarah
Nu balukarna nungtun kana jalan salah
Ulah dugi ka rasa katresna
Kerep ngagedur ukur amarah
Nu balukarna nungtun kana jalan salah
Sisi laut Pangandaran
Reud, dicangreud
Haté geus pageuh kabeungkeut
Sisi laut Pangandaran
Reud, dicangreud
Beuki raket, beuki geugeut
Sisi laut Pangandaran
Harita, basa usum halodo panjang
Calik paduduaan dina samak salambar
Tuh, saksina, bulan anu sapotong
Tuh, saksina, béntang nu baranang
Aya kasono, aya katresna
Aya kadeudeuh, aya kanyaah
Ngabagi rasa bungah jeung bagja duaan
Aya kasono, aya katresna
Aya kadeudeuh, aya kanyaah
Ngabagi rasa bungah jeung bagja duaan
Sisi laut Pangandaran
Tina ati pada-pada kedal jangji
Urang silih asuh, silih asih, silih jagi
Deug, ngadeugkeun harti asih saenyana
Deug, ngadeugkeun harti deudeuh saenyana
Ulah dugi ka rasa katresna
Kerep ngagedur ukur amarah
Nu balukarna nungtun kana jalan salah
Ulah dugi ka rasa katresna
Kerep ngagedur ukur amarah
Nu balukarna nungtun kana jalan salah
Sisi laut Pangandaran
Reud, dicangreud
Haté geus pageuh kabeungkeut
Sisi laut Pangandaran
Reud, dicangreud
Beuki raket, beuki geugeut
Sisi laut Pangandaran
Written by: Doel Sumbang