Στίχοι

Ibu, ari bapa téh di mana? Ari bapa téh ka mana? Hoyong tepang sareng Bapa Ku hoyong terang rupina Di mana atuh, Ibu? Deudeuh teuing, anak Ibu anu bageur Hidep tos nincak dewasa Can nyaho dirupa Bapa, Geulis Keur hidep jero kandungan Bapa téh kungsi amitan Rék néangan pagawéan Tapi henteu mulang-mulang Na kunaon Bapa téh teu mulang-mulang? Pami Ibu ngawidian Abdi seja milarian Mugi-mugi tiasa patepang Abdi téh seja amitan Jung, Anaking, Ibu ngajurung Bapa hidep geura susul Harepan sing tinekanan Du'a Ibu nu marengan Duh, Gusti Nu Maha Suci Abdi sumerah diri Mung kanu Maha Agung Abdi mundut pitulung Pami Ibu ngawidian Abdi seja milarian Mugi-mugi tiasa patepang Abdi téh seja amitan Jung, Anaking, Ibu ngajurung Bapa hidep geura susul Harepan sing tinekanan Du'a Ibu nu marengan Duh, Gusti Nu Maha Suci Abdi sumerah diri Mung kanu Maha Agung Abdi mundut pitulung
Writer(s): Uko Hendarto Lyrics powered by www.musixmatch.com
instagramSharePathic_arrow_out