Video Musik
Video Musik
Dari
PERFORMING ARTISTS
Risma Bougas
Performer
COMPOSITION & LYRICS
Yayan Jatnika
Songwriter
PRODUCTION & ENGINEERING
Track Record Multi Production
Producer
Lirik
Daun kalapa nu oyag katebak angin
Siga gupayna, kawas gupayna nu lawas ilang
Kasawang deui, némbongan deui
Asih munggaran nu teu kahontal dina lamunan
Mun seug manéhna kiwari aya gigireun
Meureunan haté moal tagiwur dirungrung gandrung
Atuh ka mana? Naha di mana?
Ukur ngolébat dina lamunan
Dina lamunan
Unggal tempat tos dipapay
Manéhna taya laratan
Unggal béja nu katampa
Dijugjug waléh teu aya
Kembang-kembang katresna
Nu kungsi nyambuang
Ukur tinggal waasna
Nyeungitan lamunan
Mun seug manéhna kiwari aya gigireun
Meureunan haté moal tagiwur dirungrung gandrung
Atuh ka mana? Naha di mana?
Ukur ngolébat dina lamunan
Dina lamunan
Unggal tempat tos dipapay
Manéhna taya laratan
Unggal béja nu katampa
Dijugjug waléh teu aya
Kembang-kembang katresna
Nu kungsi nyambuang
Ukur tinggal waasna
Nyeungitan lamunan
Unggal tempat tos dipapay
Manéhna taya laratan
Unggal béja nu katampa
Dijugjug waléh teu aya
Kembang-kembang katresna
Nu kungsi nyambuang
Ukur tinggal waasna
Nyeungitan lamunan
Written by: Yayan Jatnika