Lyrics

Asa kaleresan pisan Harita, poé teu hujan Ngahaja kuring duaan Indit bari mawa jangji Dunya téh asa nu duaan Kuring anteng di alam nu éndah Sanajan maju ka burit Asa horéam rék balik Di sisi lamping kaasih Aya cinta jeung jangji anu pasini Di sisi lamping kaasih Aya cinta jeung jangji anu kabukti Saéran melakkeun tembang Kawas anu ngabéjaan Kadé, ulah kajongjonan Jung, geura mulang Asa kaleresan pisan Harita, poé teu hujan Ngahaja kuring duaan Indit bari mawa jangji Dunya téh asa nu duaan Kuring anteng di alam nu éndah Sanajan maju ka burit Asa horéam rék balik Di sisi lamping kaasih Aya cinta jeung jangji anu pasini Di sisi lamping kaasih Aya cinta jeung jangji anu kabukti Saéran melakkeun tembang Kawas anu ngabéjaan Kadé, ulah kajongjonan Jung, geura mulang
Writer(s): Uko H Uko H Lyrics powered by www.musixmatch.com
instagramSharePathic_arrow_out