Lyrics

Es lilin mah ceuceu kalapa muda Di bantun mah geuningan di dorong-dorong Abdi isin geuningan samar kaduga Margi na mah aduh inggis ka boyong Es lilin mah geuningan buatan bandung Di bantun mah geuningan ka sukajadi Abdi isin dunungan duh bararingung Sok inggis mah aduh henteu ngajadi Itu saha geuningan nu nungtun munding Di gantelan geuningan ku sapu tangan Itu saha geuningan ku ginding teuing Si horeng mah aduh geuning jungjunan Kamana mah geuningan ngaitkeun kincir Ka kaler mah geuningan katojo bulan Kamana mah geuningan ngaitkeun pikir Moal baleg geuningan da ku sabulan
Writer(s): Mursih, Edi Natawisastra Lyrics powered by www.musixmatch.com
instagramSharePathic_arrow_out