Credits
PERFORMING ARTISTS
Friska
Vocals
COMPOSITION & LYRICS
Yayat S
Composer
PRODUCTION & ENGINEERING
Gasentra Pajampangan
Producer
Songtexte
Ceuk batur mah kuring téh budak jalanan
Gawé ukur ngamén dina kandaraan
Sabenerna haté ngarasa nalangsa
Puguh hirup ragap taya, kolot teu apal dirupa
Jeung deui duka di mana
Mun panas, kapanasan
Mun hujan, kahujanan
Mun reup peuting ngadon saré di émpéran
Da puguh hirup di jalan, henteu boga petempatan
Pikeun pangbalikan
Ti mana, ti mana, atuh ti mana?
Diri kuring ti mana atuh asalna?
Kumaha, kumaha, atuh kumaha?
Diri kuring na kumaha mimitina?
Ya Allah, paparin abdi pituduh
Na di mana kolot abdi téh ayana?
Ceuk batur mah kuring téh budak jalanan
Gawé ukur ngamén dina kandaraan
Sabenerna haté ngarasa nalangsa
Puguh hirup ragap taya, kolot teu apal dirupa
Jeung deui duka di mana
Mun panas, kapanasan
Mun hujan, kahujanan
Mun reup peuting ngadon saré di émpéran
Da puguh hirup di jalan, henteu boga petempatan
Pikeun pangbalikan
Ti mana, ti mana, atuh ti mana?
Diri kuring ti mana atuh asalna?
Kumaha, kumaha, atuh kumaha?
Diri kuring na kumaha mimitina?
Ya Allah, paparin abdi pituduh
Na di mana kolot abdi téh ayana?
Ti mana, ti mana, atuh ti mana?
Diri kuring ti mana atuh asalna?
Kumaha, kumaha, atuh kumaha?
Diri kuring na kumaha mimitina?
Ya Allah, paparin abdi pituduh
Na di mana kolot abdi téh ayana?
Ti mana, ti mana, atuh ti mana?
Diri kuring ti mana atuh asalna?
Kumaha, kumaha, atuh kumaha?
Diri kuring na kumaha mimitina?
Ya Allah, paparin abdi pituduh...
Written by: Yayat S