Music Video
Music Video
Credits
PERFORMING ARTISTS
Kustian
Performer
COMPOSITION & LYRICS
Cucun Z
Composer
Theo P
Arranger
PRODUCTION & ENGINEERING
TP Production
Producer
Lyrics
Kacipta bungah mun siga budak nu lian
Meureunan senang
Moal ngalaman balangsak
Kawas abdi ngan ngagugulung kasusah
Kacida bagja mun abdi kawas nu lian
Meureunan senang
Moal ngalaman balangsak
Siga nu lian bisa heureuy gogonjakan
Ari abdi ngan saukur, duh, reumbay cimata
Kalunta-lunta
Hirup teu puguh matuhna
Kadang meunang dahar
Bari kudu ménta-ménta
Hirup kasiksa
Henteu puguh padumukan
Jadi galandangan
Saré gé di émpér patokoan
Abdi tunggara
Hirup nalangsa
Mun seug aya indung-bapa
Meureun abdi moal sangsara
Kacida bagja mun abdi kawas nu lian
Meureunan senang
Moal ngalaman balangsak
Siga nu lian bisa heureuy gogonjakan
Ari abdi ngan saukur, duh, reumbay cimata
Kalunta-lunta
Hirup teu puguh matuhna
Kadang meunang dahar
Bari kudu ménta-ménta
Hirup kasiksa
Henteu puguh padumukan
Jadi galandangan
Saré gé di émpér patokoan
Abdi tunggara
Hirup nalangsa
Mun seug aya indung-bapa
Meureun abdi moal sangsara
Written by: Cucun Z