Lyrics

Saha nu lepat Mun diri katalanjuran? Da bongan keureut salira Bet sarimbag jeung manéhna Saha nu lepat Mun heureuy kaleuleuwihi? Da bongan keureut salira Bet sasorot jeung bihari Hanjakal tepang téh kapandeurian Dina wanci geus reup-reupan Mun maksa, kudu dipénta Tangtu gedé mamalana Mana nu lepat Di mangsa paduduaan? Da haté pernah kaiwat Ku salira jeung geugeutna Saha nu lepat Mun heureuy kaleuleuwihi? Da bongan keureut salira Bet sasorot jeung bihari Hanjakal tepang téh kapandeurian Dina wanci geus reup-reupan Mun maksa, kudu dipénta Tangtu gedé mamalana Mana nu lepat Di mangsa paduduaan? Da haté pernah kaiwat Ku salira jeung teuteupna Da haté pernah kaiwat Ku salira jeung geugeutna
Writer(s): Doel Sumbang Lyrics powered by www.musixmatch.com
instagramSharePathic_arrow_out