Lyrics

Na kunaon sagala rupa Ngan aral, gagal jeung gagal? Soal cinta jeung usaha Kandas pamaksadan Kamudahan bet ngabalieur Kalapangan, naronggongan Paruntungan, lumpat ngajauhan Naha? Naha? Kunaon? Boa-boa halangan diri Nu mangrupi dosa-dosa Kajongjonan, kangeunahan Ngumbar-ngumbar larangan Boa-boa halangan diri Nu mangrupi dosa-dosa Nu ngajajar mani panjang Sapanjang jalan karéta Aduh, Gusti, aduh, Gusti Kumaha ngénténgkeunnana? Aduh, Gusti, aduh, Gusti Kumaha ngabébaskeunna? Panon cireumbay mapay-mapay pipi Ragragan kana sajadah Nginget-nginget laku lampah Ninggang salah jeung salah Haté anu meurih, haté nu ngajerit Kabeulit ku dosa-dosa Biwir nu ngageter, ngedalkeun rasa jiwa Ampun, ampun, duh, Gusti Boa-boa halangan diri Nu mangrupi dosa-dosa Kajongjonan, kangeunahan Ngumbar-ngumbar larangan Boa-boa halangan diri Nu mangrupi dosa-dosa Nu ngajajar mani panjang Sapanjang jalan karéta Aduh, Gusti, aduh, Gusti Kumaha ngénténgkeunnana? Aduh, Gusti, aduh, Gusti Kumaha ngabébaskeunna?
Writer(s): Dose Hudaya Lyrics powered by www.musixmatch.com
instagramSharePathic_arrow_out