Lyrics

Mapay jalan satapak Ngajugjug ka hiji lembur Henteu karasa capéna Sabab aya nu ditéang Hujan-angin, dor-dar gelap Taya pisan keur ngiuhan Sanajan awak rancucut Teu paduli, kajeun teuing Pajar cenah asal nepi Ka tempat anu dituju Rék ngalongok Mawar Bodas Kembang nu jadi impian Sugan téa moal gagal Kembang geus aya nu boga Indit téh asa horéam Leumpang gé asa ngalayang Teu kasawang ti anggalna Teu kapikir ti tadina Anjeun ulah nyeuri haté Lantaran tacan pasini Néangan pipanyakiteun Néangan pipanyakiteun Teu kasawang ti anggalna Teu kapikir ti tadina Anjeun ulah nyeuri haté Lantaran tacan pasini Néangan pipanyakiteun Néangan pipanyakiteun Mapay jalan satapak Ngajugjug ka hiji lembur Henteu karasa capéna Sabab aya nu ditéang Hujan-angin, dor-dar gelap Taya pisan keur ngiuhan Sanajan awak rancucut Teu paduli, kajeun teuing Pajar cenah asal nepi Ka tempat anu dituju Rék ngalongok Mawar Bodas Kembang nu jadi impian Sugan téa moal gagal Kembang geus aya nu boga Indit téh asa horéam Leumpang gé asa ngalayang Teu kasawang ti anggalna Teu kapikir ti tadina Anjeun ulah nyeuri haté Lantaran tacan pasini Néangan pipanyakiteun Néangan pipanyakiteun Teu kasawang ti anggalna Teu kapikir ti tadina Anjeun ulah nyeuri haté Lantaran tacan pasini Néangan pipanyakiteun Néangan pipanyakiteun
Writer(s): Uko Hendarto Lyrics powered by www.musixmatch.com
instagramSharePathic_arrow_out